You are on page 1of 3

ACARA SUNGKEM TATA CARA

Posisi diatur ku tura. Ka Ibu Rama Pangenten supados calik dina korsih anu parantos di sayogikeun. Oge pangenten panganten supados calik dipayuneun Ibu Rama masingmasing. 1. Asep .. euis anaking coba perhatikeun ku anjeun hideup bari teuteup saha dihareupeun hideup the? Aya dua jodo hamba Allah anu jadi cukang lantaran Ayahideup di dunya ieu. 2. Anaking Asep.. jeung euis .. kiwari hideup rek incah, mimiti rek rumah tangga tanda tas ningcak sawawa, leupas tina asuha sepuh. Najan geus bisa mandiri pepejeuh anaking .. ulah rek poho kana wiwitan. Da mungguhing sareatna mun teu aya Ibu Rama hamo moal lahir-lahir acan ka alam dunya. Bismilahiramanirrahim. Anaking.. Ayena sasat hideup rek lunta-lanta ngambah alam rumah tangga. Tong indit anaking . Tong indit bari teu amit.. Ngaleos kawas nu pundung.. Munjung heula ka indung anu ngandung. Ka Bapak anu ngayuga? Sangkan mulus rahayu Salamet dunya akheratna. Prak ayena pisan gera munjungan ngawitan ka IBu masing-masing. Mamah ieu abdi putra mamah.. Abdi neda pangapunten ka mamah. Rumaos leber tur lokot ku dosa. Mamah. Belasan taun ka tukang Abdi dikandung di asuh di dama-dama Dituyun diajar lempang Teweleh mamah jeung bapak maksakeun Nyumponan sagala kahayang Teweleh abdi ngabingungkeun ka mamah Hapunten abdi ka mamah teu acan tiasa bakti Mamah. Neda pidua anu di teda Abdi seja diajak macakal Ngambah sagara rumah tangga Pamugi sapapaosna abdi aya dina Ridho Allah SWT.

SUARA IBU Dedeh teuing anaking anak mamah. Asep geulis buah hate kembang soca Kutan eta anu jadi pikiran Boro-boro boga sang kaan pedah kahayang te kacumponan. Anaking .. ieu mamah bageur.. Anu nuyun ti lelembut anu mayang ti bubudak Asa kamari hidep di kandung, te karasa ayena hideup geus sawawa Kasep. Geulis, mamah jeung apa ngarasa bagja Hideup geus wakca balaka rek ngambah sagara rumah tangga Bral anaking rega lumampah diniatan ku Lahaula Wala Kuata Pepejeuh anaking sing sabar bari tawakal Ulah tamelar jeung joledar sing apik kana milik saeutik Sing ingeut mangsa isukan rek nuju ka pangbalikan Anaking . Gelis kasep. Pangampura jeung doa ti mamah ku hideup te kudu dipenta Dihampura pisan anaking asep geulis lahir tumeuting batin Malah mamah sabalikna, kumasa tetiasa nyumponan kahayang hideup sakeu buktina Iwal doa mamah anu bakal nyareungan salalawasna PRAK GERA NGALIH KA PANGKONAN BAPA Bapa ieu abdi putra bapa hampura bapa romaos leber tur lokot ku dosa Bapa teu aya sanes pidua anu diteda tisalira Pamugi aya dina Ridho Allah bagja sapapaosna

SORA BAPA Deudeuh teuing anaking anak bapa buah ati kembang sukma sesempalan raga jeung nyawa Anaking bapa oge nyakitu dei bageur Panghampura jeung do teu kudu dipenta kuhideup bageur Dihampura pisan lahir tumeting bating Malah mah sabalikna anaking bapa kudu dihampura ku hideup. Rumaos te bisa jiga batur , teu bisa mahanan hideup kuharta barana Lain teu hayang ngan ka ayaan jeung kamampuan Wayahna sing sabar bageur Jug gera lumaku bral gera lumampah Doa bapa anu bakal nyareungan hideup salawasna PEK NGALIH KA MERTUA MAMAH Mamah ieu abdi tas janten putera mamah ku takdir nu maha suci Abdi diamprokeung kedah hirup babareungan sareng putra mamah Mamah ieu abdi sareng putra neda hapunten tina kakirangan sareng kalepatan Mugia abdi aya dina Ridhona Allah.

IBU MERTUA Anaking duh bagja teuing hideup te kudu hariwang Jeung honcawang dihampura pisan Anaking lahir batin Jeung bral anaking gera lumampah, mugia rumah tangga hideup sing barokah

PANGANTEN NGALIH KA BAPA MERTUA

Bapa ieu abdi ayena tos janten putra bapa Kalayan kadar nu maha kawasa Abdi resmi jatuk rami sareng putra bapa Ayena hapunten .. abdi tina sakur dosa sareung bapa Oge pidua anu di teda kalayan rumah tangga nu bahagia Sora bapa mertua Anaking. Asep euis duh bagja teuing Buah ati kembang sukma Bapa ge nyakitu dei Pangampura jeung doa bapa ku hideup te kudu dipenta, dihampura pisan. Doa bapa ege suaka bakal nyareungan hidep salawasna Amin Amin Ya Robal Alamin

You might also like