You are on page 1of 2

Amar Si Manusa Sireum

Dicaritakeun di hiji lembur aya pamuda anu namina Amar, eta pamuda teh katelah di
lemburna mulai ti budak nepi ka eme-ema, lain katelah ku kasep atawa bengharna tapi katelah ku
bangor, jeung kedulna ka bina-bina, sanajan bangor-bangor kitu oge Amar mah sieun ka
indungna mah.

Nepi ka hiji poe Amar ningalian hiji tangkal jambu anu kacida leubeutna, nu gaduh
tangkal teh nyaeta mang dahlan anu katelah galakna, ku sabab embung cape naek Amar nyandak
batu di deketna langsung di alungkeun eta batu teh kana tangkal jambu, lain jambu anu murang
malah mah eta batu keuna kana kaca bumi mang dahlan, sabari nyandak sapu mang dahlan
kaluar ti bumina.

Mang Dahlan : Ari maneh Amar, keur naon maneh didinya?

Amar : Eh, mamang eta ngala jambu

Mang Dahlan : Buru kadieu!

Amar : Aya naon mang, ambek-ambekkan wae?

Mang Dahlan : Aya naon aya naon, tingali eta kaca nepi ka pepes kitu gara-gara maneh!

Amar : Oh, tenang keun atuh mang

Mang Dahlan : Kumah arek tenang ieu teh, teu hayang nyaho mamang mah hayang di gantian
eta kaca anu pepes

Amar : Di gantian ku naon ari mamang teh, pan Amar mah can gawe?

Mamang : Kieu we ayeuna mah lamu maneh embung ngangantian, ku mamang laporkeun
ka teh ida ka indung maneh

Amar : Tong di bejakeun ka si ema atuh mang, Amar daeklah di titah naon wae ku mamang

Mang Dahlan : Heg wae ari kitu mah, coba ayeuna mah pang ngalakeun eta jambu anu arasakna,
terus wadahan kana kantong, awas tong di daharan jambunanya

Amar : Siap mang

Teu lila Amar naek kana eta tangkal, bari jeung kapaksa Amar ngalaan eta jambu anu
arasakna di leubeutkeun kana kantong.

Hiji hiji eta jambu dialaan, nepi kahiji dahan anu rea sireumna, pas Amar arek
ngalangkahkeun kakina, eta kaki Amar di gegel ku sireum. Eta sireum teh lain sambarang
sireum, tapi sireum ajaib, teu lila awak amar jadi panas terus ngaleutikan.
Sadar kana kaleuwihanna Amar embung aya anu nyaho, yen manehna teh bisa robah jadi
jalma sireum lamun bahasa kerenna mah ant man, ku sabab ceuk emana oge lamun urang
ngalakukeun kahadean kudu ikhlas ulah hayang kapuji ku batur.

Dina hiji poe aya anu ngagorowok menta tulung.

Tulung tulung aya maling sabari lulumpatan bapa-bapa ngudak maling .

Si Amar datang nulungan rek nangkap eta maling, tapi ku si bapa-bapa malah dicarekan.

Mar cicing we maneh mah teu boga kabisa oge, hayang jadi jagoan? ceuk si bapa-bapa

Amar teu ngadenge carekan eta bapa-bapa da niatna mah ukur hayang nulungan lain hayang jadi
jagoan .

Amar langsung ngarobah awakna jadi sireum, sanajan jadi sireum lumpat amar gancang jeung
deuih ku sabab eta maling awakna gede jadi lumpatna oge hese saetik-saetik cicing, bapa-bapa
nu tadi lain ngudak eta maling tapi malah heran neangan si Amar anu ngaleungit.

Eta si maling geus bisa di susul ku si Amar pas manehna cicing, Amar asup kana awak si
maling di gegelna lansung eta awakna, eta maling langsung kekejetan awakna jadi bareureum
bari kacida ateulna.

Bapa-bapa anu tadi buru-buru lumpat arek newak eta maling bari bingung, naha eta maling bisa
kekejetan sabari gagaro kitu. Samemeh maling di tewak Amar geus kaluar tina awak si maling.

Kusabab kajadian eta jadi teu aya anu maling deui di lemburna. Nepi kaayeuna warga teu
apaleun saha anu geus nulungan newak maling teh.

You might also like